1.Atah Anjang=langka silih anjangna
2.Adigung Adiguna=takabur,sombong
3.Alak paul=jauh pisan
4.Adat kakurung ku iga=lampah goreng hese leungitna
5.Ayem tengtrem=tenang teu aya kasieun
6.Amis budi=hade paroman
7.Aya jurig tumpak kuda=aya milik nu teu disangka-sangka
8.Amis daging=babarian katerap panyakit
9.Aki-aki tujuh mulud=geus kolot pisan
10.Awewe dulang tinande=awewe nurutkeun kahayang salaki
11.Aya pikir kadua leutik=Aya kahayang
12.Asa teu beungeutan=awahing ku era
13.Asa ditonjok congcot=ngarasa bungah pisan
14.Birit aseupan=teu daek cicing
15.Beurat birit=hese dititah
16.Biwir nyiru rombengeun=resep nyaritakeun rusiah atawa kasalahan batur
17.Buntu laku=teu bisa nuluykeun usaha atawa pagawean
18.Batok bulu eusi madu=ninggang lain pitempateunana
19.Badak cihea=degig
20.Bonteng ngalawan kadu=nu hengker ngalawan nu bedas
21.Babalik pikir=insap
22.Balik pepeh=nugering teu daek cicing
23.Balok katemen=asal banyol jadi pasea
24.Buntut kasiran=medit
25.Bodo alewoh=bodo tapi daek tatanya
26.Bodo kawas kebo=bodo kacida
27.Beja mah beja=beja ulah waka dipercaya
28.Bancang pa=kewuh=pikasusaheun
29.Bulu kapaut=kabawa kubatur
30.Balabar kawat=beja nu seumebar
31.Beak dengkak=sagala ihtiar geus di usahakeun tapi teu hasil bae
32.Batan kapok balah gawok=batan eureun kalah maceuh
33.Buruk-buruk papan jati=hade goreng dulur sorangan